Selasa, 29 Desember 2015

morfologi dan fonologi basa sunda


Morfologi nyaeta disebut oge tata kecap. Kata tata kecap asalna tina kata “tata” nyaeta “aturan” jeung kecap nyaeta ucap, omong, disebut oge aturan kaidah dina ngawangun kata. Kecap teh wangun katatabasan pangleutikna kecap mangrupa bagian kalimah anu dicicirian ku ayana randegan, oge mibanda harti. Ku kituna LBSS (1983) yen kecap teh nyaeta bagian kalimah anu bisa mandeg mandiri sarta ngandung harti anu tangtu.
Pangajaran dina morfologi basa sunda aya wangun kecap, nyaeta :
1.    Kecap Asal
Kecap asal ditulis mandiri
Contohna : dahar, indit, sakola, ka, ku, bray, balik, jeung sajabana.
2.    Kecap Rundayan
Kecap rundayan nyaeta kecap anu wangun dasarna geus dirarangkenan. Rarangkeun dina basa sunda teh kabehna aya opat, nyaeta : rarangkeub hareup (afiks atawa awalan ), rarangkeun tengah (infiks atawa sisipan), rarangkeun tukang ( sufiks atawa ahiran ), jeung rarangkeun barung (konfiks).
         Fonologi nyaeta bagian tata basa atawa bidang elmu basa anu nganalisis sora basa sacara umum. Fonologi asalna tina gabungan kata yunani phone “sora” jeung logos “ tata, kata” atawa “elmu” disebut oge tata sora. Jenis Fonologi di bagi dua nyaeta :
a)         Vokal
Vokal atawa aksara huruf nyaeta sora basa anu diwangun ku sora tina bayah  (paru-paru) anu kaluarna ngaliwatan tikoro teu kahalngan ku alat ucap saperti biwir, huntu, letah, lalangit, jeung elak-elakan. Sora anu dikalurkeun tergantung kana 3 hal nyaeta :
1)    Luhur-handana letah
2)    Maju mundurna letah
3)    Wangun biwir
Nu ka asup vocal nyaeta a, i, u, e, o jeung eu
b)        Konsonan
Konsonan nyaeta sora basa anu kaluarna tina bayah meunang panghalang tina alat ucap. Dina ngafalkeunnana aya 3 hal anu kalibet, nyaeta :
1)    Kaayaan pita sora
2)    Paantelna atawa padeukeutana sawatar alat ucap
3)    Cara eta alat ucap tea paantel atawa padeukeut
Alat ucap anu paantel atawa padeukeut pikeun ngawangun sora basa disebut articulator, nyaeta : biwir, huntu, gugusi, letah, lalangit jeung elak-elakan. Tempat patepungna dua articulator waktu ngalafalkeun konsonan disebut daerah artikulasi. Nu kaasup konsonan dina basa sunda nyaeta : b,c,d,e,f,g,h,I,j,k,l,m,n,o,p,q,r,s,t,u,v,w,x,y,z,ng jeung ny, sanajan diwangun ku dua aksara tapi ng jeung ny hiji sora.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar