SAKADANG
KUYA SILIHDURUK JEUNG MAUNG
(Dongeng Sasatoan)
Dina hiji poé Sakadang Kuya ulin ka sisi basisir.
Manéhna cicing handapeun tangkal kalapa, katebak ku angin laut. Aya ku nimat.
Bakating ku genah, nepi ka nundutan. Keur kitu, teu kanyahoan ti tadina,
torojol Sakadang Maung, ngomong tarik ngagareuwahkeun anu keur anteng nundutan.
“Ha ha ha, kabeneran, aing keur lapar
manggih hakaneun!” pokna bari ngadeukeutan Sakadang Kuya.
Sakadang Kuya reuwas kacida. Tapi teu
bisa nyumput atawa lumpat. Dina biasa ogé kétang, kateuteu ari, da angger bakal
katéwak ku Sakadang Maung anu kaceluk tarik lumpatna.
“Ké heula, Sakadang Maung,” ceuk
Sakadang Kuya, neger-neger manéh.
“Naon deui? Anu jelas, sia bakal jadi
eusi kadut aing!” ceuk Sakadang Maung, ngomongna angger bedas dibarung ku
ngagerem sagala. “Ti kamari aing can baranghakan. Lumayan kuya kolot ogé!”
“Sabar, Sakadang Maung, sabar,” ceuk
Sakadang Kuya, ngomongna leuleuy, “Lamun mémang geus waktuna jadi hakaneun
anjeun, uing mah rido. Katambah uing sorangan geus kolot, geus bosen hirup.
Ngan anjeun kudu nyaho, daging uing téh tiis jeung hampos. Lamun hayang ngeunah
jeung gurih, euweuh deui carana, uing kudu diduruk heula.”
“Diduruk heula? Kumaha carana?” ceuk
Sakadang Maung.
“Gampang atuh. Awak uing bugbrugan ku
suluh, tuluy duruk.”
“Ari suluhna ti mana?”
“Ngala ka leuweung!”
“Ngala ka leuweung? Ha ha ha aing apal
kana akal licik sia, dasar kuya! Waktu aing ka leuweung néangan suluh, sia rék
kabur! Aing moal bisa katipo deuleu!” ceuk Sakadang Maung.
“Bisi anjeun teu percaya mah, pék tah
talian awak uing, tuluy cangcang kana tangkal!” témbal Sakadang Kuya.
“Heug atuh ari kitu mah!” ceuk Sakadang Maung.
Tuluy néangan areuy keur nalian kuya. Geus manggih, reketek awak Sakadang Kuya
téh ditalian. Tungtung talina ditalikeun kana tangkal kalapa. Ngahaja talina
dipanjangan, da kitu paménta Sakadang Kuya téh. Sanggeus yakin talina pageuh,
Sakadang Maung indit ka leuweung rék ngala suluh.
Sabot Sakadang Maung ka leuweung,
buru-buru Sakadang Kuya nyieun liang dina keusik. Liangna kawilang jero ogé,
gedéna sapaseun awakna. Tuluy manéhna cicing dina luhureun éta liang, nepi ka
henteu kaciri aya liang. Jol Sakadang Maung manggul suluh, tuluy dibugbrugkeun
kana awak Sakadang Kuya. Gur baé sukuh téh diseungeut. Teu hésé teurakna seuneu
téh, kawantu suluh gararing. Sakeudeung ogé seuneuna geus ngabebela, teu bina
ti nu keur nyieun api unggun. Ari Sakadang Kuya, barang durukan hurung téh,
terus baé mubus kana liang anu aya di handapeunana.
“Sakadang Kuya!” ceuk Sakadang Maung.
“Kuk!”
“Can paéh?”
“Encan, seuneuna kurang gedé.”
Suluhna ditambahan deui.
“Sakadang Kuya!”
“Kuk!”
“Can paéh kénéh?”
“Encan, anéh di dieu mah seuneu téh bet
haneut!” témbal Sakadang Kuya.
Suluhna ditambahan deui.
“Sakadang Kuya!”
Sakadang Kuya teu némbalan.
“Ah, jigana ayeuna mah geus paéh
Sakadang Kuya téh.”
Barang durukan geus pareum, Sakadang
Maung kurah-koréh kana durukan, néangan daging kuya. Keur kitu, Sakadang Kuya
ngurumuy tina jero lebu durukan. Awakna jadi bodas ku lebu.
“Sakadang Kuya, geuning sia hirup
kénéh?” ceul Sakadang Maung kacida kagétna.
“Puguh ceuk uing gé tadi, seuneuna téh
jadi haneut di lebah dieu mah!” témbal Sakadang Kuya kalem.
“Baruk tiis nya?” ceuk Sakadang Maung
deui bari nilik-nilik awak Sakadang Kuya. “Jeung deui awak silaing jadi bodas
kitu? Asa leuwih kasép euy!”
Sakadang Kuya mésem. Pok ngomong,
“Sakadang Maung hayang siga kuring?”
“Ih, puguh wé, ti baheula aing téh
hayang boga kulit bodas. Meureun bakal leuwih tegep, nya!”
“Tangtu wé atuh. Komo Sakadang Maung
mah, lamun boga kulit bodas téh, bakal leuwih gagah jeung kasép. Ayeuna ogé
cacakan coréléng geus tegep.”
“Bisa kitu mun kulit uing hayang bodas
kawas siliang ayeuna?” ceuk Sakadang Maung, rada sopan ayeuna ngomongna téh,
teu uang-aing teuing.
“Nya bisa atuh, asal daék diduruk wé
siga uing tadi,” ceuk Sakadang Kuya.
“Diduruk? Moal panas kitu?”
“Moal. Apan uing ogé henteu nanaon,
malah kulit jadi bodas,” témbal Sakadang Kuya. “Lamun arék, jung atuh néangan
suluhna heula!”
Teu loba tatanya deui, Sakadang Maung
indit ka leuweung rék ngala suluh. Meunang sawatara lilana, Sakadang Maung
datang bari manggul suluh gararing.
“Pék ngagolér di dinya, ku uing urang
bugbrugan ku suluh!” ceuk Sakadang Kuya.
Sakadang Maung ngagolér, tuluy
dibugbrugan ku suluh. Sut atuh suluh diseungeut. Jegur baé hurung, tangka
ngabebela.
“Sakadang Maung!”
“Heuy!”
“Hirup kénéh?”
“Hirup, euy, ngan panas geuning!”
“Panas sotéh mimitina, engké mah moal
geura.”
Suluhna ditambahan deui. Geus sawatara
lilana, ditanya deui ku Sakadang Kuya.
“Sakadang Maung, hirup kénéh?”
“Hirup euy, ngan panas,” témbal Sakadang
Maung, sorana ngalaunan.
Suluhna ditambahan deui. Geus sawatara
lilana, ditanya deui ku Sakadang Kuya.
“Sakadang Maung, hirup kénéh?”
“Iup, han hanas heuy …,” Sakadang Maung
némbal, sorana beuki teu kadéngé baé.
Teu talangké, suluhna dibugbrugan deui.
Sanggeus sawatara lilana, pok ditanya deui ku Sakadang Kuya.
“Sakadang Maung, hirup kénéh euy?”
Sakadang Maung teu némbalan.
“Lah, kawasna mah geus paéh Si Belang
téh,” ceuk Sakadang Kuya.
Teu lila kadéngé sora tingbeletuk tina
durukan. Sirah jeung awak Sakadang Maung baritu. Kambeu deuih bau hangit daging
jeung kulit anu kaduruk.
“Yakin
geus paéh Si Belang téh. Keun, itung-itung wawalesna ka sato anu sok ngahakanan
sato laleutik,” ceuk Sakadang Kuya.
SASAKALA
GUNUNG GEULIS
(Dongeng Sasakala)
Kacaritakeun jaman
baheula aya salaki pamajikan nu geus lila ngawangun rumah tangga, tapi tacan
diparengkeun boga anak. Salakina kacida pisan hayangeun boga anak. Manèhna
getèn neneda ka Nu Kawasa sangkan gancang diparengkeun boga anak.
Kocapkeun dina hiji
peuting, salakina tèh meunang wangsit, yèn manèhna kudu ngajugjug hiji tempat
nu pernahna aya di beulah wètaneun lembur nu dicicingan ku maranèhanana. Nu
jadi salakina kudu ngajugjug hiji gunung kalayan kudu tapa di èta gunung.
Isukna manèhna nepikeun impianana ka nu jadi pamajikanana. Pamajikanan
ngajurung sangkan salakina nedunan panuduh nu datang dina impianana. Tuluy waè
nu jadi salakina indit ngalalana ngajugjug hiji gunung pikeun tapa neda ka Nu
Kawasa.
Sanggeus manggihan
gunung nu dimaksud luyu jeung panuduh dina impian, manèhna der waè tapa salila
opat puluh poè opat puluh peuting. Dina maleman peuting panganggeusan, manènha
didatangan ku hiji putri anu geulis kawanti-wanti, èndah kabina-bina. Éta tèh
putri anu ngageugeuh gunung nu keur ditapaan ku manèhna. Nempo putri anu kacida
geulisna, manèhna lat poho kana maksud anu saèstuna. Tug manèhna nepi kadaèk
ngawin èta putri. Padahal èta putri teh oray kajajadèn.
Sanggeus
mangbulan-bulan salakina indit, pamajikanana mapay-mapay nèangan nu jadi
salakina. Tungtungna manèhna manggihan salakina keur dibeulit ku oray anu
kajida badagna. Pamajikanana kacida pisan reuwaseunana, pamajikanana ngarasa
melang ka nu jadi salaki, sieun salakina dilegleg oray. Bakat ku nyaah ka
salakina, pamajikanan satèkah polah nèangan akal pikeun maèhan èta oray. Brèh,
kacipta piakaleunana, nyaèta ngeurad èta oray. Teu kungsi lila oray tèh beunang
kaeurad. Kusabab èta oray kacida gedèna, oray tèh digusur ku kuda, dibawa turun
ti luhur gunung. Sanggeus tepi ka hiji tempat, kuda tèh dicangcang dina hiji
tangkal. Kiwari tempat nyangcang èta kuda tèh, katelah lembur Cikuda.
Barang kasampak èta
oray rèk dipaèhan ku pamajikanana, salakina geuwat ngahalangan sangkan
pamajikanana tong maèhan èta oray, sabab tetempoan salakina mah, èta oray tèh
putri anu kacida geulisna. Pamajikanana kacida pisan ambekna. Kusabab keuheul,
èta oray dipaèhan kaasup salakina nu geus teu inget deui ka pamajikanana.
Heuleut saminggu ti
harita, bangkè oray jeung layon salakina ngiles taya raratanana. Ceuk carita
mah ngajadi oray, nu tuluyna nyicingan èta gunung, nu kiwari katelah gunung
geulis nu pernahna di Jatinangor Kabupaten Sumedang.
CADAS
PANGERAN
(Dongeng Babad)
Ti jaman baheula kěněh,
antara Sumedang-Bandung, geus aya jalan, ngan harita mah lain jalan gedě cara
ayeuna. Ulah mobil, dalah kahar ogě can tangtu bisa ngaliwat. Rajeun aya
tutumpakan ukur kuda atawa tandu. Waktu Gubernur Jěndral Daěndels muka jalan pos
ti Anyěr ka Banyuwangi. Kaayaan Cadas Pangěran harita masih kěněh mangrupa
gunung batu nu kacida teuasna. Tapi, Daěndels tetep marěntahkeun kudu dibobok,
supaya bisa diliwatan kandaraan.
Nampi parěntah ti
Gubernur Jěndral, Kanjeng Pangěran Kusuma Dinata, kapaksa miwarang rayat
Sumedang. Dina waktuna rayat daratang ti mana-mendi, marekel pakakas
sabogana-sabogana. Kawantu nu kudu dibobok těh cadas nu sakitu teuasna, hasilna
těh henteu sabaraha. Katambah-tambah tempatna hara-haraeun, tungtungna loba nu
maot kalaparan.
Kocap hiji poě Kanjeng
Pangěran, diiringkeun ku Patih Raděn Demang Mangku Praja, seja nampi pamariosan
Gubernur Jěndral Daěndels atawa anu sok disebut ogě Jěndral Guntur. Taběatna
Jěndral Guntur, babari haok porongos. Matak pada nelah Mas Galak, tina kecap
marsekalek, basa Walanda. Barang jebul, beungeutna langsung merengut. Cacak
kulitna bodas, katembong semu geuneuk, tandaning ambek pohara.
Kana kabiasaan haok
porongos Jěndral Guntur, kantenan Kangjeng Pangěran uninga. Ku kituna ti
anggalna kěněh, anjeunna parantos taki-taki. Emutanana, ku sabab lalakon
ngabobok gunung cadas henteu aya kamajuan, Si Mas Galak pasti bakal ambekna. Malah
teu mustahil anjeunna bakal jadi korban, dibenduan Tuan Besar. Namung, anjeunna
teu ieuh gimir, sareng teu badě nyalahkeun rayat. Margi kauninga, kumaha hěsěna
ngadungkaran gunung batu ukur ngandelkeun tanaga jelema, dibantuan pakakas
saaya-aya. Caturkeun Jendral Guntur cunduk ka tempat nu digarawě. Atuh Kangjeng
Pangěran gancang ngahormat saperti biasana, manggut bari teras nyaketan. Dasar
nu keur ambek, panghormat Kangjeng Pangěran, boro-boro ditarima samistina.
Tapi, teu burung ari nyodorkeun leungeun, ngajak sasalaman mah.
Ningali kalakuan
Jěndral Guntur kitu, Kangjeng Pangěran ampir-ampiran teu kiat nahan bebendu.
Dasar kumpeni, gerentesna, teu boga pisan rasrasan. Naha rayat aing rěk diantep
jadi korban, gara-gara nedunan kahayang maraněhna. Pikeun němbongkeun eusi
manahna, barang Jěndral Guntur ngasongkeun leungeun katuhu, ku Kangjeng
Pangěran cukup ditampanan ku panangan palih kěnca. Sedeng panangan anu hiji
deui, dianggo nyepengan sarangka keris, nu nyelap dina lebah cangkěngna.
Ngahaja deuih si keris těh digilirkeun ka běh payun.
Nyaksian kajadian kitu,
kaběh nu araya pohara reuwasna. Kaayaan nu tadina ramě těh, jep jempě lir gaang
katincak. Sarěrěa teu nyangka Kangjeng Pangěran kagungan peta kitu. Demi Demang
Mangku Praja, semet reuwas kabina-bina, inggis panyakit Jěndral Guntur beuki
parna. Jelema tukang nganteur amarah, kari-kari sarua jeung ditangtang adu kawani,
pasti kana piraměeun. Kumaha lamun Jěndral Guntur, tuluy nitah serdadu Walanda,
sina něwak Kangjeng Pangěran sabalad-balad.
Něnjo kalakuan Pangěran
Sumedang siga nu ngajak adu wawaněn, Jěndral Guntur langsung molotot. Beuki
reuwas sakur nu ngabandungan, lantaran Kangjeng Pangěran males molotot deui.
Tungtungna duanana papelong-pelong. Nu hiji nganggap aing kawasa, naha kudu
ělěh ku bangsa jajahan, sanajan pangkatna raja. Nu hiji deui, niat ngajaga
kahormatan, bakal nyilakakeun diri, risiko bongan jadi pamingpin. Bisa jadi
lantaran kaburu ělěh mamaras, Jěndral Guntur pok miheulaan nanya, “Rěgen, naon
maksud anjeun, pangna nampanan sasalaman kuring ku leungeun kěnca?”
Rěgen těh sesebutan ka
dalem. Nya diwaler ku Kangjeng Pangěran,
“Kangjeng Tuan, sim kuring reujeung rayat Sumedang, henteu niat mungpang
kana parěntah kumpeni. Lain teu hayang geura-geura nganggeuskeun pagawěan. Ngan
Kangjeng Tuan kedah terang, kumaha hěsěna ngabobok gunung batu anu sakieu
teuasna,” bari nyejekkeun sampěan kana cadas. “Ngahaja sim kuring němbongkeun
kanyeri hatě, ku sabab pamohalan bakal meunang kaadilan. Běh dituna supaya
Kangjeng Tuan uninga, yěn sim kuring kajeun nandang hukuman, ti batan
terus-terusan nyaksian rayat dikakaya. Nepi ka poě ieu wungkul, pirang-pirang
nu maraot alatan panyakit jeung kalaparan.”
Panjang lebar Kangjeng
Pangěran sasauran, nepi ka Jěndral Guntur sadar, tětěla kendorna pagawěan těh,
lain kurang temen digarawěna. Tapi, lantaran kacida hěsěna. Harita kěněh
maněhna ganti marěntahkeun ajudanana, supaya ngadatangkeun tentara batalion
zěni, lengkep jeung parabot keur nugaran gunung cadas. Salila nungguan tentara
zěni daratang. Kangjeng Pangěran miwarang rayat digarawě deui, ngan teu kudu
maksakeun hayang rěa beubeunangan. Sanggeus marentah ajudanana, solongkrong
deui Jěndral Guntur ngajak sasalaman. Kalayan ěnggal ditampi ku panangan tengen
Kangjeng Pangěran. Sakitu taun ti harita, jalan ti Bandung ka Sumedang teu
burung anggeus. Sedengkeun ěta tempat, ayeuna katelah Tanjakan Cadas Pangěran.
Maksudna keur pangěling-ngěling kana perjoangan Raja Sumedang Kangjeng Pangěran
Kusuma Dinata. Sakapeung sok disebat Pangěran Korněl.
DONGENG
SANTRI BODO
(Dongeng Jalma
Biasa)
Aya santri pohara beletna. nepi ka
mindeng jadi pamoyokan santri-santri lianna. Mangtaun-taun masantrěn, can
ngalaman hatam Al Qur-an sakali-kali acan. Boro-boro hatam Al Qur-an, jampě
solat oge ukur baě bisa maca fatihah jeung surat parondok. Puguh deui nalar
kitab atawa nyarita ku basa Arab mah, tinggaleun pisan. Tapi, ari ngaliwet mah
pang pinterna. Kabějakeun kaanggo ku Ajengan sagala. Loba babaturanana nu geus
baroga pasantrěn sorangan. Atuh santri-santri anyar jul-jol, ngaganti nu geus
taramat. Sedeng maněhna teu menyat-menyat. Tungtungna ngarasa ěra sorangan. Êra
ku sasama santri, isin ku ajengan. Tina geus teu kuat nahan kaěra, hiji poě
maněhna nepungan Ajengan di bumina. Maksudna rěk terus terang, niat balik ka
lemburna.
Barang tepung pok nyarita : “Ajengan
abdi seja amitan, badě mulang ka lembur,”
cenah. “Mulang teh mulang kumaha, apan
lain waktu perě?” tembal Ajengan.
“Mulang teras, moal wangsul deui ka
pasantrěn. Da bongan geuning, mangtaun-taun masantrěn, teu aya pisan
kamajengan.”
Ajengan henteu buru-buru ngidinan. Malah
terus ngawurukan, sangkan ulah babari pegat harepan. Unggal jelema kamampuhna
teu sarua, saurna. Aya nu gancang bisa nangkep pangajaran, teu kurang-kurang
anu butuh waktu rada lila, kakara maněhna ngarti.
“Ulah maněh ulah mulang, mending balik
deui ka pondok. Hěg diajar leuwih rajin.” saurna deui.
Tapi maněhna keukeuh měnta diidinan
mulang. Basana, ti batan miceunan waktu di pasantrěn, mending sagawě-gawě di
lembur. Diajar něangan pangupa jiwa. Ku sabab niatna geus pageuh, ahirna
Ajengan teu tiasa naon-naon.
“Rěk iraha maněh mulang, apan ayeuna mah
geus burit?”
“Badě ěnjing saatosna solat Subuh,”
cenah, teu poho měnta didu’akeun.
Isukna, rebun-rebun pisan maněhna
ninggalkeun pasantrěn. Ti pasantrěn ka lemburna těh, lilana kira-kira sapoě.
Sajaba ti ěta kudu ngaliwatan leuweung, ngurilingan pasir, sarta turun ngaraas
walungan. Tengah poě kakara meunang satengahna. Hartina sapoě deui, kakara nepi
ka lemburna. Lantaran ngarasa capě, Ki Santri eureun heula niat reureuh. Gěk
diuk handapeun tangkal kai. Kaayaan di sakurilingeunana kacida tiiseunana. Nu
kaděngě teh ukur sora angin nebak tatangkalan, paselang jeung cluk-clakna
cikaracak. Tapi, ku sabab capě, guher maněhna sarě tibra pisan. Hudang-hudang
beuteungna ngarasa lapar. Rět ka luhur, panonpoě mimiti děngděk ngulon. Kop
kana bekel bawana. Rěngsě dahar tuluy beberesih, nginum sakalian wudu tina
solokan leutik, teu jauh ti tempat maněhna reureuh. Běrěs wudu solat Lohor,
luhureun batu lěmpar. Tah, waktu maněhna solat, sora cai nyakclak kaděngěna
beuki jelas.
Clak ….. clak….. clak…….., cenah, siga
meunang ngatur. Měh baě solatna batal. Tutas solat, panasaran hayang nyaho
asalna sora. Sabada ditěangan, brěh …. katěnjo, cai tina sela-sela batu,
ngarayap mapay aakaran, měměh ragrag ninggang batu lěmpar. Ieu geuning asal
datangna sora těh, gerentesna. Ngan ědas mani siga beunang ngatur. Sora
ragragna ngalagu, sarta angger wirahmana. Persis sora tik-tikna jarum jam.
Kalakuan cai ku maněhna terus diperhatikeun. Ti mimiti barijil tina sela-sela
batu, tuluy mapay aakaran, nepi ka tingkareclak ragrag kana batu těa.
Ana diteges-diteges, geuning batu anu
kacakclakan cai těh, nepi ka legokna. Hěg ku maněhna dipikiran, batu sakitu
teuasna bisa legok ukur karargragan cikaracak. Pasti lain waktu
sakeudeung-sakeudeung. Bisa jadi mangpuluh-puluh taun. Heueuh, ari leukeun
jeung sabar mah, cai nu ukur sakeclak-sakeclak, bisa ngalegokan batu nu sakitu
teuasna. Naha ari aing, tungtungna inget kana kalakuan sorangan. Pědah diajar
ngaji teu bisa-bisa, gancang ngarasa ělěh. Nepi ka milih balik ka lembur, ti
batan diajar leuwih soson-soson. Harita kěněh manehna ngagidig, seja balik deui
ka pasantrěn. Jero hatěna jangji rěk leuwih rajin diajar. Cenah ěta boga uteuk
kacida beletna, rěk nurutan laku cai. teu bisa sataun, dua taun. Dua taun teu
bisa kěněh, matak naon tilu taun. Sugan ari leukeun jeung sabar mah, laun-laun
kataěkan. Kajurung ku sumanget rěk diajar leuwih getol, leumpangna satengah
lumpat. Atuh měměh Magrib těh geus datang deui ka pasantrěn. Rasa isin, duměh
geus amitan balik deui, buru-buru disingkirkeun.
“Aěh, geuning ilaing !” Ajengan kagět
nenjo santrina balik deui.
“Leres, abdi Ajengan,” cenah.
Měměh Ajengan naros papanjangan, leuwih
ti heula maněhna ngadadarkeun lalakonna. Nyaěta manggihan cikaracak, ragrag
nyakclak ninggang batu, nepi ka ěta batu jadi legok. “Piraku abdi, manusa, kudu
ělěh ku cai,” cenah ka Ajengan.
Ku sabab diajarna enya-enya, sakitu taun
ti harita, masantrěnna teu burung tamat. Kabějakeun ěta santri belet těh, nepi
ka boga pasantrěn gedě, sarta sohor ajengan luhung ělmuna.
CARITA NYEBARKEUN AGAMA ISLAM SUNAN KUDUS
(Dongeng Para Wali)
Sunan suci Salah sahiji Salapan Wali
Wali anu nyebarkeun agama Islam di Jawa. Di Jawa, katelah
bearti walisongo Salapan
wali. Sayyid Sadiq
azmatkhan nyaéta ngaran asli Sunan Kudus
anu putra Raden
Usman Haji atawa
Sunan Ngudung. Sunan
santo lahir di taun
1500 Maséhi dina wewengkon
kaléreun kota Panolan
Jipang Blora. Sunan
Kudus asli teu
santo, tapi manéhna téh tokoh anu nyebarkeun agama Islam di daerah anu
ditangtayungan pikeun ngamumule tutuwuhan jeung sasatoanana, di mana masarakat suci dina
waktu éta berkebanyakan Hindu
jeung Budha.
Masjid Sunan Kudus di kota suci
diadegkeun dina taun 956 AH coincided
jeung 1549 Maséhi,
ngaranna Masjid Menara Kudus nu masih nangtung ayeuna. Sunan
Kudus ngajarkeun toléransi
agama sabab dina
waktu nu dina sababaraha komunitas Muslim geus
suci. Umat Allah Sunan
ngajarkeun toléransi agama dina raraga nyieun
harmoni agama. Sunan
Kudus munding meuncit
sapi jeung meuncit
hormat Hindu dina
kurban kituna ngajadikeun Hindu keuna jeung
museurkeun meunang ka Islam. Sunan Kudus
ogé narik simpati
Buddha jeung pancuran
atawa padasan make
wudhu jeung patung
di luhur nu amounted
ka dalapan, nu total jumlah pangajaran Asta Sanghika
Marga nu dalapan
prinsip Budha. Sanggeus
manéhna ngécéskeun ngeunaan bebeneran Islam
jeung kasampak di ieu, Budha flocked ka masjid
jeung Muslim.
unan Kudus ogé henteu langsung ngalawan adat tina jalma nu
nyimpang tina ajaran Islam, nu sowing
kembang di sisi jalan,
NANGTANG atawa nunda
dina kurban kubur. Manéhna diarahkeun yén
fungsi kurban dina
bentuk dahareun hade dibikeun ka jalma nu kudu
dahar, nu lapar
jeung neneda teu Baduy tapi ngan ngado'a
jeung memohon ka
Allah ku kituna adat teu nyimpang tina
ajaran. Sunan Kudus sok ngadugikeun Surat
al-Baqarah, dina hartina Indonesian sapi nu make
Hindu anu leuwih
museurkeun ngadangukeun.
MANUK
GARUDA JEUNG GAGAK
(Dongeng Pieuntengan)
Aya garuda tarik pisan nyamberan anak
embé. Disamber, diranggeum, tuluy dibawa ngapung. Harita, aya manuk gagak
nyahoeun. Manéhna kabitaeun hayang nurutan kalakuan gagak.
Ceuk manuk gagak, “Katurutan moal nya
lamun aing siga kitu?”.
Kabeneran, sanggeus nyarita kitu, gagak
nempo aya embé badot. Gagak tuluy hiber luhur pisan, sanggeus di luhur monteng
nutug ka handap. Bari nurutan garuda, gapruk nyamber embé badot sarta
diranggeum ku cakarna. Barang rék dibawa hiber, sukuna tikait kana bulu susuri
embé. Atuh teu bisa hiber deui. Nu ngangon embé nyahoeun. Gancang baé gagak téh
ditéwak, diteukteukan bulu jangjangna, sarta tuluy dibikeun ka anakna, dipaké
kaulinan.
Ceuk anak nu ngangon,
“Bapa éta manuk naon?”
Témbal bapana, “Ieu manuk téh hayang
bisa nurutan garuda, tapi tétéla ieu téh manuk gagak!”
Hartina ieu dongéng: ulah wani-wani
nurutan kalakuan batur nu moal katanagaan ku awak urang. Moal aya nu bisa
nulungan kana sial jeung wiwirang urang, iwal akal urang nu kudu ngira-ngira,
ngukur ka kujur nimbang ka awak.
MUNDINGLAYA
DIKUSUMAH
(dongeng pamuk)
Aya hiji nagara, nagara
subur ma’mur kartaraharja, gemah ripah lohjinawi, katelahna Pajajaran. Ari Raja
Pajajaran harita anu nelah Prabu Siliwangi, raja adil paramarta tur dipikanyaah
ku rahayatna. Permaisurina nya eta Padmawati.
Permaisuri teh keur
kakandungan. Anjeunna nyiram palay buah honje. Terus bae nitah lengser pikeun
neangan honje. Teu ku hanteu, harita teh di Pajajaran kacida hesena manggihan
honje. Atuh kapaksa Lengser mapay-mapay nagara neangan honje.
Sanggeus lila neneangan, ahirna lengser
teh manggih hiji tangkal honje. Tapi pikeun meunangkeunana kudu parebut heula
jeung Lengser Nagara Muara Beres. Manehna oge sarua deuih keur neneangan honje
pikeun permaisuri Muara Beres nu keur nyiram. Dua Lengser parebut honje, nepi
ka galunganana. Gelutna euweuh nu eleh euweuh nu meunang, sabab sarua bedas
jeung saktina. Duanana ngalungsar nahnay bakating ku cape. Antukan buah honje
teh dibagi dua. Sabeulah keur permaisuri Pajajaran, nu sabeulah deui keur
permaisuri Muara Beres. Sanggeus datang mangsana, permaisuri Pajajaran
ngalahirkeun budak lalaki, dingaranan Mundinglaya di Kusumah. Ari permaisuri
Muara Beres ngalahirkeun budak awewe, dingaranan Dewi Asri. Geus ditangtukeun
ku Dewata, eta dua budak teh bakal ngajodo.
Kocapkeun Mungdinglaya
teh geus gede, geus jadi pamuda anu gagah tur sakti. Hiji peuting Padmawati
nempo Lalayang Salaka Domas di Jabaning Langit. Mundinglaya dititah nyokot eta
Lalayang Salaka Domas. Tapi samemehna kudu ka Muara Beres heula neang
pipamajikaneunana, nyaeta Dewi Asri. Mundinglaya indit ti Pajajaran dibarengan
ku Gelap Nyawang jeung Patih Kidang Pananjung. Barang nepi ka Muara Beres,
harita keur aya dina kaayaan teu aman. Muara Beres dikepung ku raja-raja salawe
nagara, pedah lamaranana ditolak ku Dewi Asri. Raja salawe nagara hiji-hiji
diperangan ku Mundinglaya. Antukna kabeh taluk.
Ti Muara Beres,
Mundinglaya indit neangan Lalayang Salaka Domas. Ari eta Lalayang Salaka Domas
teh anu Guriang Tujuh. Barang datang ka Jabaning Langit, atuh der bae perang.
Mundinglaya dihurup ku Yaksa Maruta, Jonggrang Kalapitung, jeung Guriang Tujuh.
Ahirna Mundinglaya unggul sarta bisa mawa Lalayang Salaka Domas. Ti dinya mah
terus bae atuh Mundinglaya teh mulang ka Jabaning Langit. Lalayang Salaka Domas
dipasrahkeun ka bapana. Mundinglaya kawin jeung Dewi Asri. Teu lila ti harita
Mundinglaya di Kusumah jeneng raja di Pajajaran.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar